:

2 Samuel 9

1

Dina hiji poe Daud mariksa, "Kumaha aya keneh kulawargi Saul anu hirup? Lamun aya, kami arek mikaheman, sabab kami inget ka Yonatan."

2

Aya hiji jelema urut gandek kulawargi Saul ngaranna Siba. Tuluy dititah ngadeuheus ka Daud. Ku raja dipariksa, "Maneh teh Siba?" Wangsulna, "Leres, Gusti."

3

Raja mariksa deui, "Kumaha ari kulawarga Saul aya keneh anu hirup? Lamun aya, kami arek nembongkeun kahemanan, nedunan jangji kami ka Allah." Piunjuk Siba, "Sumuhun aya, putrana Yonatan saurang, gempor sampeanana."

4

"Di mana?" lahir raja. Wangsul Siba, "Sumuhun, di rorompok Makir bin Amiel di Lodebar."

5

Ku Raja Daud dipiwarang disaur.

6

Mepiboset bin Yonatan putu Saul geus aya di payuneun Daud, geus rengkuh nyanggakeun hormat. Daud ngalahir, "Mepiboset!" Jawabna, "Leres, Gusti."

7

Saur Daud, "Ulah reuwas-reuwas. Kami hayang mikaheman ka hidep, inget ka ama hidep, Yonatan. Tanah Saul eyang hidep salegana top ajang hidep. Jeung lamun hidep suka, iraha bae ge meunang ngariung dahar jeung kami."

8

Mepiboset ngawangsul, "Beu Gusti, ku naon sakitu totomplokanana, padahal abdi teh teu benten ti anjing budug."

9

Ti dinya raja nyaur Siba, gandek Saul, timbalanana, "Sagala rupa harta banda Saul sakulawarga, ku kami rek diselehkeun ka Mepiboset, incu gusti maneh.

10

Eta tanah ahli-ahli Saul gusti maneh teh uruskeun ku maneh saanak-anak jeung badega-badega, panguruskeun panenna, supaya mareunang rejeki ti dinya. Mepiboset pribadi baris jadi tamu kami salalawasna, dahar sameja jeung kami." (Ari Siba boga anak lalaki lima belas jeung badega dua puluh urang.)

11

Siba ngawangsul, "Satimbalan Gusti sumeja diestokeun pisan." Ti harita Mepiboset daharna dicandak sameja jeung raja, disaruakeun jeung putra-putra raja.

12

Mepiboset boga budak lalaki hiji, ngaranna Mika. Siba sakulawarga jaradi gandek Mepiboset.

13

Mepiboset anu sukuna duanana deog matuh di Yerusalem, daharna katuangan raja.

Link: